23/11/10

Jantung Hate

Teteh anu dipikadeudeuh ku aa

Teh, tikawit enjing muka ieu catetan...
Dugi siang ieu, simkuring mung tiasa huleung jentul, ras emut kana teuteupna, sorot socana, sorana, imutna, bageurna, salira kokolebatan kapiraray siang wengi

Teh, basa awal urang munggaran teupang dugi wanci ieu duka kunaon ieu hate, kapicangcang ku imut salira

Teh, salira lir ibarat prajurit siliwangi anu tos ngajamparing hate dugi kabeungkeut tali asih anu teu tiasa leupas

Teh, aa mihareup mugia salira oge gaduh rasa asih rasa heman rasa nineung rasa sono sapertos aa ka salira

Teteh anu dipikameumeut, mugia urang kapayun, tiasa ngalengkah sasarengan kana gapura kabagjaan anu janten hareupan urang duaan

Amien Ya Rabbal Alamien...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar